Sunday, July 26, 2009

haben nagen

"jour mundin tondi pelaz"

BERBAGAI cara dilakukan untuk mendorong semangat pemain sepak bola agar bisa menang dalam pertandingan. Menteri Pendidikan Jerman Asep Sunandar menjanjikan pendidikan gratis bagi pemain-pemain Jerman yang ingin masuk sekolah lagi ke taman kanak-kanak.

Lain lagi dengan Rusia. Menteri Olah Raga Rusia berjanji jika Rusia menjadi juara, akan dibuka lapangan kerja dengan penghasilan yang cukup menggiurkan, 5 juta rubel sehari. Untung Rusia tidak jadi juara karena pekerjaan itu ternyata cukup berat, mengecat langit!

Namun, sekarang tinggal kenangan. Euro 2008 telah usai. Semalam, diadakan malam perpisahan sesama pemain di Hotel Zurich. Cukup mengharukan, diiringi lagu “pileuleuyan”, semua pemain berpelukan sambil menangis.

Di antara pejabat tinggi yang hadir tampak Prabu Duryudana dari Astina disertai para Kurawa. Resi Drona sebagai penasihat panitia, Dipati Karna dan Prabu Baladewa sebagai ketua keamanan. Resi Drona memeluk Podolski, murid kesayangannya, sementara Prabu Baladewa tampak menggandeng pemain Turki Hakan Sukur. Rencananya, seusai acara perpisahan, rombongan dari Astina akan langsung pulang dengan pesawat Destarata Airways.

Penyerahan Piala Eropa 2008 akan dilakukan bersamaan dengan pemberian piala kepada Spanyol sebagai juara kebersihan tingkat RW se-Eropa.

Selamat tinggal Euro 2008, sampai jumpa lagi dengan Euro 2009 di Garut. Pemain senior Prancis Zinedine Zidane menitikkan air mata ketika mengucapkan, “Jour mundin tondi pelaz!” (Bujur munding tong dihampelas). (kang ibing/PR)


Gehgeran
Mang Obed katelah jalma nu gehgeran kabina-bina. Basa keur mangku budak di buruan, nempo tatanggana miceun runtah, gancang manehna miceun budak nu keur dipangkuna. Kungsi oge manehna ka pasar tepi ka sapuluh balikan alatan unggal manehna nepi ka pasar panggih jeung tatanggana nu mulang ti pasar,atuh gancang manehna ge milu balik deui.
Sakali mangsa, basa pamajikanana rek ngalahirkeun anakna nu bungsu, manehna kawiwirangan. basa pamajikanana keur ngaheujueun, manehna milu adug lajer ngaheujeun di juru ruangan. Waktu si utun geus kaluar, pamajikanana ngomong ka bidan,”Ibuu,si utunna tos kaluar!!”. Na ari celengkeung teh mang Obed bari semu peura,”Ibuu,nu abdi oge tos kaluar!!” cenah. Bidan ngajawab bari semu nu ambek sabab katempo aya nu nambru na bujur calana mang Obed, “Sodok we ku bapa!!” .Sigana mah pas milu ngaheujeun mang Obed teu katahan,teu kuateun nahan nu rek kaluar. nolduadua.com

KANG USEP NG(AB)OJEG

Kaitung saminggu Kang Usep nambangan ngojeg, sanggeus serangna kurang cai teu bisa dipelakan pare. Kakocapkeun harita, Kang Usep rebun-rebun keneh geus nangkring dina sadel motorna di parapatan alun-alun nungguan sewa. Bari ngobrol ngalor ngidul jeung baladna sarua tukang ojeg.

Keur uplek kitu, teu punten teu naon jol clak weh aya inin inin numpak na boncengan Kang Usep.

“Ciiik Jang, anteurkeun Nini ka Cihanjuang…” Cenah bari nyusur-nyusur sisig (eh, naha ayeuna usum keneh teu nya nyisig? Hehheee…)

“Euh, ke heula anan Ni, ojegna ngantri didieu mah. Nini kuduna naek ti lebah ditu!” Kang Usep jiga nu rada teu ridho ditaekkan ku Inin-inin teh.

“Ah embung Nini mah hayang make nu iyeu wae. Hayu buru atuh Jang, aya ku kaleked teuing nya!” Si Nini embung ingkah.

“Yeeeeh ari Nini, lain kaleked kuring mah, ngan ngajenan kanu peraturan…” Kang Usep rada keuheul.

“Geus, keun wae ari hayangna jeung maneh mah Sep! Kuring ridho dunya akherat hehehee!” Cek Si Sarip nu kuduna meunang giliran muatan.

“Tuhhh Si Ujang itu na ge ridho! Geus buru ah, ulah kaleked. Bisi rejekina dipacok hayam!” Si Nini asa meunang angin.

Kang Usep ngahirupan motorna bari rada gugulunu. Biwirna jamotrot bimoli (biwir monyong lima senti hehe…).

“Kamana tadi Ni?” Kang Usep nanya rada teugeug.

“Ka Cihanjuaaaangggg…! Yeeehhh sugan torek budak teh!” Si Nini pikasebeleun bari nyowel pipi Kang Usep.

“Ishhh! Si Nini jeung bari cuwal cowel! Teu meunang, bisi pacampur getih!” Kang Usep kekepes. Batur ngojegna bati nyakakak nempokeun polah si Nini jeung Kang Usep.

Kocapkeun maranehanana bral miang ka Cihanjuang. Lumayan rada jauh ti Alun-alun mah, jadi motor digas rada tarik. Karek sababaraha ratus meter, kadenge sora nu teu ilahar.

“Kepek! Kepek! Kepek! Kepek! Kepek!”

Kang Usep rada melang, tuluy reug ngeureunkeun motorna.

“Aya naon Jang? Ning eureun can ge nepi!” Si Nini heraneun.

“Ke Ni, aya nu aneh. Bisi cilaka, kuring pariksa motor heula!” Cek Kang Usep.

Kang Usep ngaroris motorna ti hareup katukang, nguriling, tapi teu mendakan naon nu aneh. Kang Usep gogodeg bari kerung.

“Euweuh nu aneh… Hayu ah Ni, naek deui!” Kang Usep ngalacat deui unggah kana motorna.

“Euh! Alesan we iyeu mah nya? Meh rada lila duaan jeung Nini! Heuheueheuheuuuuuyyy deudeuuuhhh…!” Si Nini ngehkey pikasebeleun bari ngebug tonggong Kang Usep.

“Yehhh aya ku model nya, iyeu Nini-Nini hiji!” Kang Usep enek.

Motor dihirupan deui, berengbeng dilumpatkeun sakalumpat lampet hayang buru-buru nepi. Tapi sora kawas tadi kadenge deui. “Kepek! Kepek! Kepek! Kepek! Kepek!”

Kang Usep teu purun ngeureunkeun motorna, da hayang buru-buru nepi. Luak-lieuk ka handap kana ban sugan katingali naon nu masalah. Angger teu katingali. Beuki tarik motor digas, beuki tarik oge sora aneh tea teh. Kang Usep bingung.

Tapi barang ret panonna kana spion, ari barakatak teh manehna seuri nepi ka motorna ngagibeg ngepot. Hayang nyaho eta teh sora naon????

Sora biwir jeding si Nini nu geus peyot katebak angin berkibar-kibar! Hahahhaaaaa! Teu lucu nya? Bae lah… Da maksa :p

aya wae-wae

Aya aya wae
“anjir…kabeurangan!!!” Cep Gilang reuwas ninggali jam beker, tetela wanci geus haneut moyan. belesat..luncat ka jamban bari nyabet anduk na gantungan, teu poho nyokot sesa kuntung Garpit (batur satia miceun muatan tiap isuk isuk).
meunang kana 2 gebrusan mandi..tuluy dibaju, ngeunteung, nyisiran rambut kojona nu pajeujeut, tuluy lumpat estuning rusuh rek ngudag beus kota di sisi jalan.
ku cep Gilang ti kajauhan bari lumpat geus katinggali hulu Damri mucunghul, “Alhamdulilah kabeneran kaburu keneh” kitu gerentes hatena.
ngan Jleng..we luncat kana jero beus nu saperti biasa rada pinuh jadi kapaksa nangtung manehna teh.
aya kira2 satengahing jalan, beus eureun rek naekeun muatan, Ibu-ibu umur satengah tuhu kira kira na mah, naek kana beus nangtung pas digigireun cep gilang.
salaku mahasiswa teladan, cep gilang estuning darehdeh nanya ka eta ibu-ibu: ” bade kamana ibu?” ceuk cep Gilang bari imut ngagelenyu.
“aeh ..bade ka cicaheum cep..leres ieu teh beus ka cicaheum kitu?” si ibu malik nanya.
“Oh..sanes ibuuu…ieu mah beus ka dago…” Jawab Cep Gilang percaya diri
“euleuh..lepat atuh.” ceuk si ibu.
Naa ari celeungkeung teh..aya bapa bapa nyeulengkeung tarik pisan: ” sidik ieu mah beus ka cicaheum!!..lain ka dago!”
rey teh beureum raray cep gilang, singhoreng nu salah naek beus teh manehananna…
teu mikir lila deui, “..Kirii..kirii…heup.!!” manehna ngagorowok bari seseleket muru panto beus..saacan jrut turun, masih keneh kadangu ku cep gilang hawar hawar sora panumpang nu lain ngomong ka ibu2 nu tadi
..Kade..bu…nu tadi teh..tiasa..wae…tukang tipu!…
“Gustiiiiiiii……!” Cep Gilang lumpat bari teu kuat kuhayang ceurik…..

wae aya-aya
Geus jadi kabiasaan basa Aa keur boga kabogoh ka Neng Jebred urang padalarang mun malam minggu teh sok apel. Mun Apel teh salain sok disuguhan, sok ngadon di papatahan ku calon mitoha, ngan ah..nya kitu tea kadang didangukeun kadang saliwat poho saliwat poho.
Sakali waktu keur Aa apel paduduaan jeung kabogoh kabeneran euweuh sasaha diimahna teh. Ragamang leungeun Aa mimiti ngopepang kana pingping neng jebred nu keur diuk gigireun, reg eureun, Neng Jebred Ngadilak, keteyep deui turun sajengkal kahandap, neng Jebred ngadilak deui, reg deui eureun, garamang deui, neng jebred ngadilak bari ngomong semu haroshos….
”A, Kedah emut..A..kana papatah Bapa anu kahiji!” ceuk neng jebred. ”Aduh..Punten neng..punten!” Aa reuwas bari ngejatkeun leungeun. ”Teu nanaon..A” ceuk neng jebred semu handeueul.
Malem minggu hareupna Aa panggih deui jeung calon mitoha. Panasaran kana Papatah nu kahiji pok Aa nanya: ” Pa..ari papatah nu kahiji teh naon nya?abdi hilap deui.” Ceuk Aa.
”Ah dasar maneh mah sok tara diinget papatah bapa teh!…papatah na teh ‘Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !’” ceuk si Bapa sumanget.
Aa ngahuleng tuluy ngabadug badugkeun sirah kana tembok handeueul pisan!
nolduadua.com