Sunday, July 26, 2009

aya wae-wae

Aya aya wae
“anjir…kabeurangan!!!” Cep Gilang reuwas ninggali jam beker, tetela wanci geus haneut moyan. belesat..luncat ka jamban bari nyabet anduk na gantungan, teu poho nyokot sesa kuntung Garpit (batur satia miceun muatan tiap isuk isuk).
meunang kana 2 gebrusan mandi..tuluy dibaju, ngeunteung, nyisiran rambut kojona nu pajeujeut, tuluy lumpat estuning rusuh rek ngudag beus kota di sisi jalan.
ku cep Gilang ti kajauhan bari lumpat geus katinggali hulu Damri mucunghul, “Alhamdulilah kabeneran kaburu keneh” kitu gerentes hatena.
ngan Jleng..we luncat kana jero beus nu saperti biasa rada pinuh jadi kapaksa nangtung manehna teh.
aya kira2 satengahing jalan, beus eureun rek naekeun muatan, Ibu-ibu umur satengah tuhu kira kira na mah, naek kana beus nangtung pas digigireun cep gilang.
salaku mahasiswa teladan, cep gilang estuning darehdeh nanya ka eta ibu-ibu: ” bade kamana ibu?” ceuk cep Gilang bari imut ngagelenyu.
“aeh ..bade ka cicaheum cep..leres ieu teh beus ka cicaheum kitu?” si ibu malik nanya.
“Oh..sanes ibuuu…ieu mah beus ka dago…” Jawab Cep Gilang percaya diri
“euleuh..lepat atuh.” ceuk si ibu.
Naa ari celeungkeung teh..aya bapa bapa nyeulengkeung tarik pisan: ” sidik ieu mah beus ka cicaheum!!..lain ka dago!”
rey teh beureum raray cep gilang, singhoreng nu salah naek beus teh manehananna…
teu mikir lila deui, “..Kirii..kirii…heup.!!” manehna ngagorowok bari seseleket muru panto beus..saacan jrut turun, masih keneh kadangu ku cep gilang hawar hawar sora panumpang nu lain ngomong ka ibu2 nu tadi
..Kade..bu…nu tadi teh..tiasa..wae…tukang tipu!…
“Gustiiiiiiii……!” Cep Gilang lumpat bari teu kuat kuhayang ceurik…..

wae aya-aya
Geus jadi kabiasaan basa Aa keur boga kabogoh ka Neng Jebred urang padalarang mun malam minggu teh sok apel. Mun Apel teh salain sok disuguhan, sok ngadon di papatahan ku calon mitoha, ngan ah..nya kitu tea kadang didangukeun kadang saliwat poho saliwat poho.
Sakali waktu keur Aa apel paduduaan jeung kabogoh kabeneran euweuh sasaha diimahna teh. Ragamang leungeun Aa mimiti ngopepang kana pingping neng jebred nu keur diuk gigireun, reg eureun, Neng Jebred Ngadilak, keteyep deui turun sajengkal kahandap, neng Jebred ngadilak deui, reg deui eureun, garamang deui, neng jebred ngadilak bari ngomong semu haroshos….
”A, Kedah emut..A..kana papatah Bapa anu kahiji!” ceuk neng jebred. ”Aduh..Punten neng..punten!” Aa reuwas bari ngejatkeun leungeun. ”Teu nanaon..A” ceuk neng jebred semu handeueul.
Malem minggu hareupna Aa panggih deui jeung calon mitoha. Panasaran kana Papatah nu kahiji pok Aa nanya: ” Pa..ari papatah nu kahiji teh naon nya?abdi hilap deui.” Ceuk Aa.
”Ah dasar maneh mah sok tara diinget papatah bapa teh!…papatah na teh ‘Mun Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !’” ceuk si Bapa sumanget.
Aa ngahuleng tuluy ngabadug badugkeun sirah kana tembok handeueul pisan!
nolduadua.com

No comments:

Post a Comment